contoh kalimat bengkung ngariung bobgkok ngaronyok
Bahasa lain
kidera1
Pertanyaan
contoh kalimat bengkung ngariung bobgkok ngaronyok
1 Jawaban
-
1. Jawaban suryadharma3
Bengkung ngariung bongkok ngaronyok
Aya paribasa sunda ; "bengkung ngariung bongkok ngaronyok" anu hartina, nu kainget ku kuring, lamun aya masalah sakuduna dibereskeun ku cara rereongan, gotong royong. Ari sabenerna mah baheula kungsi ngobrolkeun jeung guru basa sunda basa keur smp, jenengannana hilap deui, cenah paribasa ieu teh nyindiran ka urang sunda nu embungeun ngalumbara ka jauhna neangan kahirupan sejen salian ti nu aya di wewengkon sunda. Naon sababna embung ngumbara? Lantaran kaayaan alam ki sunda nu sakitu camperenikna, rea ketan rea keton, gampang neangan pangupa jiwa. Nyaah pisan mun ditinggalkeun teh komo ngumbara ka luar nagara mah loba pikiran lantaran loba nu dipikainget.