Tatakrama basa sunda sacara gurat badagna di wangun ku? tolong di jawab
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Tatakrama Basa Sunda sacara gurat badagna diwangun ku dua ragam basa, nyaeta anu disebut Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma. Ragam Basa Hormat / Lemes biasana digunakeun pikeun nyarita jeung anu saluhureun atawa anu dipikahormat. Sedengkeun Ragam Basa Loma biasana digunakeun pikeun nyarita jeung jalma anu geus akrab atawa loma, saperti jeung babaturan sapopoe anu geus akrab.
Pembahasan
Baheula, dina tatakrama basa Sunda kungsi aya nepi ka dalapan ragam basa, nyaeta genep ragam basa Sunda lemes jeung dua ragam basa Sunda kasar atawa loma. Tapi kiwari geus sacara resmi dina basa Sunda ngan saukur aya dua ragam basa, saperti disebutkeun di luhur. Baheula oge istilah Tatakrama Basa Sunda teh disebutna Undak-usuk Basa Sunda, tapi kiwari istilah Undak-usuk Basa Sunda geus diganti jadi Tatakrama Basa Sunda.
Dina Ragam Basa Hormat / Lemes aya dua rupa basa lemes, nyaeta basa lemes pikeun ka diri sorangan jeung basa lemes pikeun ka batur. Sedengkeun dina Ragam Basa Loma teu aya bedana antara basa loma pikeun diri sorangan jeung basa loma pikeun ka batur. Di handap ieu conto kalimah anu ngagunakeun Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma:
- Pun lanceuk bade mulih ka Bandung dinten enjing (Ragam Basa Hormat / Lemes pikeun ka batur).
- Simkuring bade wangsul ka Bandung dinten enjing (Ragam Basa Hormat / Lemes pikeun ka diri sorangan).
- Kuring rek balik ka Bandung poe isuk (Ragam Basa Loma).
Pelajari lebih lanjut
- Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
- Undak usuk Basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/11533355
- Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344
__________
Detil Jawaban
Kelas : VIII
Mapel : Bahasa Sunda - Bahasan Budaya Sunda
Bab : 6
Kode : 8.13.6
#JadiRankingSatu