B. Daerah

Pertanyaan

Naon anu jadi garapan pangajaran basa dina rumpaka kawih

1 Jawaban

  • Kawih nyaeta salahsahiji rupa lalaguan anu aya dina seni Sunda. Salian ti mangrupakeun hiji rupa lalaguan Sunda, umpama ditilik tina rumpakana, kawih oge mangrupakeun hiji karya sastra wangun ugeran atawa puisi. Wangun puisi anu aya dina kawih siga sajak, nyaeta wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan, Dina lalaguan Sunda, aya sawatara rupa lalaguan, nyaeta anu disebut kawih, kakawihan jeung tembang. Umpama kawih jeung kakawihan rumpakana mangrupakeun karya sastra wangun puisi anu henteu pati kaiket ku aturan. Tembang mangrupakeun karya sastra wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Aturan anu aya dina pupuh disebut guru lagu jeung guru wilangan. Dina pupuh aya 17 rupa aturan atawa patokan anu beda-beda.

    Sanajan rumpaka kawih henteu pati kaiket ku aturan, saperti aturan anu aya dina pupuh. Dina nyieun rumpaka kawih aya aturan, lengkah-lengkah atawa unsur-unsur anu biasa diperhatikeun sangkan rumpaka kawih endah umpama ditilik tina seni sastra. Lengkah-lengkah atawa unsur-unsur anu biasa diperhatikeun dina nyieun rumpaka kawih nyaeta anu aya patalina jeung unsur tema, suasana, imaji, simbol, pilihan kecap anu merenah tur endah saperti anu ngadung wirahma, murwakanti jeung gaya basa. Jadi, sanajan rumpaka kawih henteu kaiket ku aturan, saperti ku guru lagu jeung guru wilangan nu aya dina pupuh, dina rumpaka kawih masih aya unsur-unsur sastra wangun puisi anu bisa dijadikeun garapan pangajaran basa.

Pertanyaan Lainnya