Naon bae anu kudu ku urang dipikanyaho samemeh nulis naskah biantara
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Biantara
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :
Unsur-unsur nu aya dina biantara nyaeta nu nepikeun biantara, bahan atawa materi biantara, anu rek ngaregepkeun biantara, sarta tema biantara. Upama aya salahsahiji unsur biantara di luhur anu leungit tangtu hiji biantara bisa henteu aya hartina.
Jadi, anu ku urang kudu dipikanyaho samemeh nulis naskah biantara nyaeta aya patalina jeung unsur-unsur nu aya dina hiji biantara, nyaeta tema biantara, saha anu rek ngaregepkeun biantara, saha anu rek nepikeun biantara, jeung bahan atawa materi biantara.
Sanggeus dipikanyaho informasi anu aya patalina jeung unsur-unsur biantara, lengkah saterusna nyaeta mikawanoh struktur atawa susunan nu aya dina hiji biantara, nyaeta salam bubuka, pangbagea, bubuka, eusi, panutup jeung salam panutup.
Kata Kunci : Biantara, unsur biantara