B. Daerah

Pertanyaan

Tatakrama basa sunda maksudna pikeun ?

1 Jawaban

  • Tatakrama Basa Sunda nyaeta aturan anu dijieun pikeun dijadikeun patokan atawa padoman dina ngagunakeun basa Sunda sacara merenah. Dina Tatakrama Basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta anu disebut Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma. Ragam Basa Hormat / Lemes biasana digunakeun pikeun nyarita jeung anu saluhureun atawa jeung anu dipikahormat. Sedengkeun Ragam Basa Loma biasana digunakeun pikeun nyarita saperti jeung babaturan anu geus akrab atawa anu geus loma.

    Dina praktekna, aya dua Ragam Basa Hormat / Lemes, nyaeta basa lemes pikeun diri sorangan jeung basa lemes pikeun batur. Conto basa lemes pikeun diri sorangan saperti dina kalimah "Simkuring bade wangsul ka Bandung dinten enjing". Sedengkeun conto basa Sunda lemes pikeun ka batur nyaeta saperti dina kalimah "Pun lanceuk bade mulih ka Bandung dinten enjing". Jadi, dina basa lemes, kecap wangsul nyaeta basa lemes pikeun diri sorangan, sedengkeun basa lemes pikeun ka batur tina kecap wangsul, nyaeta "mulih".

    Dina Ragam Basa Loma, henteu aya beda antara basa loma pikeun diri sorangan jeung basa loma pikeun ka batur. Istilah Tatakrama Basa Sunda, awalnya disebut Undak-usuk Basa Sunda. Dina Undak-usuk Basa Sunda ragam basa atawa tingkatan basa kungsi aya nepi ka dalapan tingkatan, nyaeta genep tingkatan atawa ragam basa lemes jeung dua ragam basa loma atawa kasar. Tapi kiwari ragam basa Sunda nu aya ngan saukur dua ragam basa, nyaeta Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma. Kiwari oge istilah Undak-usuk Basa Sunda geus diganti jadi Tatakrama Basa Sunda, sabab istilah Undak-usuk Basa Sunda karasana atawa kesanna "feodal".

Pertanyaan Lainnya